🪷 Bijaksana

TUBAGUS DAKKA

Karya Moddi MadianaRĕngsĕ nyindekeun sibungsu Maĕswati Asmayawangi lebah Cikundul Ki Bagus Dakka ngandika ka sang rai, Bagus ranginmimiti poĕ ieu wayahna urang papisahengkang rĕk ngĕnca muru lamping kalĕr tangkuban parahujug geura lumaku katatar wĕtan prianganulah nyabeulah tina kecap jeung uratna bismillah Di lamping kalĕr ngaruat jagat ngarumat adatmapatkeun sahadat jeung shalawatnyorang hakĕkat ku sarĕ’atnyusud ajĕn ma’rifat ku raketna tarĕkat Ki Bagus Dakka. Ngababakan di sarakan anyar Nyaung-nyaung sisi wahangan Nandĕan cai nu ngagenclang ku jolang Geusan susuci muru pangwarid ku wirid Leukeun meuseuh angkeuhan Miceun daweung kuageman Netepkeun karep kataqwaanngajembarkeun sukma sajatining diri ka Illahi Lampah merenah jadi pataklidankahot lain pĕdah kolotdigjaya teu lantaran pangabisasabar jadi ubar, tawakal mangrupa akalngaderes karahayuan ka dulur di unggal lemburngalarapkeun amanat Kangrama“ Dia mudu geus tarapti kana harti kakasih Illahi ulah deuk nyempad kana lafadgeura gero jerona warrodina tapak jeung lacak mĕmĕh kiamah “Subang, Tengahna Mulud 1430 H

Puisi Lainnya

SAJAK BUKU SESALKU CEMBURU DIALOG RASIO DAN HATI SEPERTI TENTANG ALAM