🪷 Bijaksana

NYI DEWI SANG HYANG SERI

Oleh Moddi Madiana

Nyi Dĕwi Pelak Ambu ti kahyangan Dipalĕ jampĕ pamakĕ Ti hiji jadi harti Saranggeuy mawa geuhgeuy Diraksukan jarami nyari, disalendang hĕjo mawa sono Nyi Dĕwi sidĕngdang jadi sawangan Ngadampal amparan jagat Sajagat kariksa rasa Trung kentrung, ngelentrung disaung lisung Ngudar raksukan sang dĕwi, nyacas bodas ngaras bĕas Nyi Dĕwi, ulah nangis Geusan nyorang titis tulis Sing rido karĕrab kahaseupan Khatam dawam, tapa luhureun hawu Sangkan asak pangeusi awak Sari anjeun jadi daging Nu ngaping tulang jeung sumsum Asih anjeun ngajirim beubeureum getih Minangka wiwaha pulas kasuka Komara rasa jadi cahya Nyaangan lampah ku lĕngkahna Deukeut paneuteup jero panĕnjo Geusan nanggeuy angkeuhan maneuh Trung kentrung ngelentrung panyaur nu luhunglaku manggih tungtung Mangsa wanci jadi ciri nyorang pipir takdir Laa Ilaha Ilallah Muhammad Rasulullah. Subang, wanci janari 7 Maret 2009

Puisi Lainnya

NAMAKU MASIH INDONESIA Oleh Moddi Madiana