🪷 Bijaksana

NAHA, CENAH

Moddi Madiana Cenah Walanda nu ngaranjah lemah kungsi diusir Cenah Jepang nu ngarogahala kungsi diala jiwana Cenah Inggris nu ngajejewět nagara kungsi disasaak Cenah kominis nu ngotoran sarakan kungsi dipĕrĕnan Naha atuh kiwari, Nu ngaranjah beuki rongkah Nu ngarogahala beuki tohaga Nu ngajejewĕt beuki awĕt Nu ngotoran beuki sohor Sanggeus urang Merdeka. ! Moddi Madiana Subang, 17 Agustus 2011 Jam. 01.15 bada renungan suci

Puisi Lainnya

PENYESALANMU TATAPAN CINTA PANTAI DALAM KENANGAN CINTA TANPA PENGAKUAN 2005