🪷 Bijaksana

KISUNDA DIGJAYA

Karya Moddi Madiana

Bejakeun ka srangĕngĕ nu meletĕk saban janari Kami datang ti handapna handap rĕk muru luhurna luhur Seja nĕang jeritna langit sugan kapulung palung nu ngagulung ditutung balungHĕy rajana beurang………………………….. Kadieukeun panon panĕnjo kadieukeun leungeun paneunggeul Geura sampakeun pakarang perang Kami rĕk balitungan maragat nyawa sang dajal Sina ngababatang lir babadak Teundeun kasieun singlar kamelang Nguyup patidiri seja matri kawani Demit berewit geura nyingkah ……………………Ngaing rĕk miang muru tungtung deuleu Tong boro ukur dicangcang raga Najan dicacag diwalang-walang kami moal rĕk hariwang Sabab kami boga kĕnĕh rasa anu salawasna bakal ngajomantara Geura papag mangsana Kisunda digjaya Mun geus kapurak ucap boa Ngaing bakal mulang bareng jeung datangna beurang Hotel Marbella Anyer Banten 27 Juli 2010 dina lolongkrang Kongres Paguyuban Pasundan ka 41