DALINGDING ASIH KURING
Oleh Yayu Yuliana
Saprak anjeun ngahudang ieu hate
Kacida bagjana..
Kaguar , kabuka hiji carita Natrat dina cadas hate nu lugina
Sela November ka tungtung April
Patukeur pahili hate
Paamprok wawanohan di hiji loka
Diiluan ku imut linuhung na
Kungsi ngajangji patali ati teu pegat duriat
Rek ngaraketkeun kaasih nu moal laas
Nu bakal mayungan kaheman urang duaan
Ahhh…sihoreng kari sesa asih nu baheula
Ayeuna manehna mapay banua nyisig sagara
Ngalayang ka madyagantang
Beja mah….
Ngaladenan kahayang kuring
Nu teu atra alesananaHampura..
Kuring geus ngalarakeun hate salira
Hate bersih nu ngagenclang lir herangna salaka
Sakali deui hampura…Kuring geus nyacampah katetepan hate salira
Nyacampah manehna anu mageuhan hate di jero hate